Ngaliwatan 10 poé prosés panalungtikan, Tim Idéntifikasi Banda Cagar Budaya (BCB) anu dibentuk ku Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kota Bogor ahirna ngukuhkeun 12 obyék panalitian salaku BCB.
Tim Idéntifikasi ieu mangrupakeun gabungan panaliti ti sababaraha lembaga pakait jeung kapurbakalaan, di antarana: Balai Arkéologi (Balar) Bandung, Balai Perlindungan Peninggalan Purbakala (BP3) Sérang, sarta Jurusan Arkéologi FIB UI Dépok. Jumlah panalungtikna aya 17 urang, kaasup sajarawan senior Dr. Uka Tjandrasasmita anu ditunjuk salaku tim ahli.
Prosés idéntifikasi lumangsung ti poé Saptu (7/3) nepi ka Jum'ah (13/3) ku jalan ngumpulkeun data di lapangan anu tempatna geus ditangtukeun saméméhna ku Disbudpar Kota Bogor. Dua poé satuluyna digunakeun pikeun ngolah data sarta nyieun laporan. Poé panungtung (16/3) dilakukeun wawaran (expose) boh ka Disbudpar, ogé ka masarakat katut media.
Nalika lumangsungna wawaran ka media Senén siang di Café Gumati Jalan Palédang, Tim Idéntifikasi ngajéntrékeun, anu ditetepkeun salaku BCB téh nyaéta salapan bénténg titinggal Walanda, dua batu lumpang (dakon) anu aya di Gang Radén Saléh jeung nu di pakuburan deukeut masjid Al-Ihya, sarta babalayan Gunung Batu di Kelurahan Pasir Mulya, Kecamatan Bogor Barat.
Harita, Dr. Uka Tjandrasasmita kungsi nambahkeun, sakabéh obyék anu ditaliti kaasup BCB, ku sabab umurna geus leuwih ti 50 taun, ogé saluyu jeung UU No. 5 Taun 1992. Ku kituna pihakna ngarékoméndasikeun upaya nyalametkeun katut mulasarana, sakaligus ngamangpaatkeun BCB anu geus ditetepkeun, utamana pikeun kamekaran élmu pangaweruh.
Samentara pihak Disbudpar Kota Bogor baris langsung nyuratan ka nu miboga lahan, sangkan BCB anu aya di tempatna téh henteu dirogahala, diruksak, atawa dipindahkeun. Supaya leuwih anteb, pihak Disbudpar ogé baris nyieun surat kaputusan pikeun BCB anu geus ditetepkeun.
Ngeunaan waragad anu geus dikaluarkeun pikeun ngabiayaan panalungtikan ieu, pihak Budpar nyebutkeun, ngaluarkeun sakitar Rp. 40 juta. Malah ka hareupna pihak pamaréntah Kota Bogor bakal méré kompénsasi ka sing saha waé anu nimukeun sarta ngalaporkeun barang-barang anu miboga niléy sajarah. Ngan jumlahna, tangtu waé disaluyukeun kamampuh nu aya.
Bénténg Walanda
Bisa disebut, panalungtikan anu digelar ku Disbudpar keur ngaidéntifikasi BCB ieu, leuwih difokuskeun kana wangunan bénténg anu aya di tilu tempat. Bénténg-bénténg ieu sumebar di Kecamatan Bogor Selatan. Opat wangunan aya di kawasan Gedong Serbaguna Gumati Lawanggintung, hiji bénténg aya di tukangeun Gedong Gumati, pasna di lahanna Jasman (45). Dua deui aya di taneuh milik Bank Mandiri. 7 wangunan ieu asup ka wilayah Kelurahan Lawanggintung.
Sedengkeun di sisi rél karéta jurusan Bogor-Sukabumi, pasna di tukangeun istana Batutulis, katimu dua bénténg deui. Dua wangunan ieu mah asup ka wilayah Kelurahan Batutulis.
Ti salapan wangunan bénténg anu ditaliti, ngan tilu adegan anu bisa disebut weuteuh kénéh. Dua wangunan aya di lahan Bank Mandiri, sarta hiji deui aya di kawasan Gedong Serbaguna Gumati Lawanggintung. Sedengkeun sésana mah kaayaanana geus raruksak, malah aya nu geus bisa disebut kari ruruntukna.
Nilik kana bentuk wangunan, bénténg téh mangrupa adegan anu buleud tur katara tohaga pisan. Rangka wangunana ngagunakeun beusi beton anu lumayan badag sarta rada kerep. Dingdingna jeung tutup luhurna ogé dibeton, kandelna aya kana 30 Cm. Garis tengah wangunanana nepi ka 2,4 méter. Jangkungna mah teu sarua, aya anu 1,8 méter, tapi aya ogé nu ngan saméter.
Di unggal bénténg aya lawang tempat asupna. Lawang bénténg teu pati jangkung, ngan sakitar 70-80 Cm tina taneuh téh. Hal penting liana tina
wangunan ieu, nyaéta ayana lolongok. Lolongok téh mangrupa bolong pasagi dina dingding bénténg nu ukuranana sakitar 25x80 Cm, posisina kira-kira tilu parapat tina luhur bénténg. Lolongok ieu gunana pikeun ngintip atawa nalingakeun kaayaan sabudeureunana, sarta bisa ogé pikeun tempat ngarahkeun senjata ka pihak musuh. Aya bénténg anu miboga lolongok ngan hiji, tapi aya ogé anu dua.
Kalolobana bénténg téh diwangun di luhur pasir. Posisina ogé aya di tempat anu stratégis. Ti jero wangunan-wangunan ieu, ngaliwatan lolongokna, bisa katempo kaayaan sakurilingna, utamana tempat-tempat penting, kayaning jalan Cipaku (ayeuna Jalan Saléh Danasasmita), rél karéta, boh arah ka Bogor-keun atawa arah sabalikna ka Sukabumi-keun, jeung stasion Batutulis. Hal ieu némbongkeun yén wangunan téh miboga fungsi keur kubu pertahanan. Fakta séjénna anu nguatkeun kacindekan di luhur, nyaéta kapanggihna potongan bayonét di deukeut bénténg nu aya di lahan Bank Mandiri.
Para panaliti ngaduga wangunan bénténg téh diadegkeun ku pamaréntah kolonial Walanda dina taun 1935-1942, pikeun mapag kadatangan bala tentara Dai Nippon anu baris ngajorag ka Nusantara.
Hanjakalna titinggal wangunan heubeul ieu henteu didukung ku bukti tinulis, misalna dokumén Walanda anu nyebutkeun ayana pangwangunan bénténg-bénténg ieu. Ogé, teu kungsi kadéngé aya katerangan lisan ti para sepuh nu ngalaman jaman penjajahan. Tim Idéntifikasi kungsi ngadongdon ka kantor Legiun Véteran jeung Museum PETA, tapi teu meunang katerangan nanaon. Anu aya gé para sepuh ngajenghok héran sabab aya wangunan sarupa kitu di Bogor téh.
Dina tulisan ieu, wangunan titinggal Walanda téh leuwih condong disebut bénténg batan sebutan bungker anu loba dilansir ku media séjén. Alatan wangunan téh ayana di tempat anu stratégis. Sagédéngeun pikeun nalingakeun kaayaan sabudeureunana, sakaligus ogé pikeun mapag jeung némbak musuh. Béda jeung sebutan bugker anu wangunanana bisaana aya di jero taneuh (dikali) pikeun kaperluan nyumput (nyingkahan musuh).
BCB Lianna
Barang séjénna anu ditetepkeun salaku BCB, nyaéta dua batu lumpang (dakon). Anu ka-hiji ayana di Gang Radén Saléh, RT 05/16, Kelurahan Émpang, Bogor Selatan. Sedengkeun batu lumpang séjénna aya di lahan pakuburan deukeut masjid Al-Ihya Kelurahan Pasir Mulya, Bogor Barat.
Batu lumpang Radén Saléh bentukna buleud miboga garis tengah 66 Cm, jeung unikna téh miboga lombang teu kurang ti 20 liang, anu ukuranana teu sarua. Samentara batu lumpang Al-Ihya leuwih dikenal ku masarakat salaku batu tapak, bentuk batuna rada lonjong jeung panjangna saméter. Liang dina batuna anu paling katara aya lima.
Batu lumpang téh minangka titinggal karuhun ti tradisi mégalitik. Mangsa jaman baheula, batu ieu digunakeun pikeun nutuan atawa nyimpen ubarampé keur kaperluan upacara sakral.
Samentara di RT03/05, masih di Kelurahan Pasir Mulya, babalayan Gunung Batu (tingali Balébat No. 11) anu aya di dinya, ogé milu ditetepkeun sabagé BCB. Babalayan anu kiwari kari ruruntukna ieu, kaayaanana piwatireun pisan. Batu-batu nu masih nyampak kénéh gé geus patingsoléngkrah, teu puguh alang-ujurna.
Sabenerna, nalika lumangsungna prosés idéntifikasi BCB ieu, katimu ogé sababaraha artefak anu miboga niléy sajarah. Saperti anu kapanggih di sakitar bénténg anu aya di Gedong Gumati Lawanggintung nu mangrupa beulahan keramik, tapal kuda, fosil karang anu aya tulisan Arabna, jeung beulahan marmer.
Di sakitar cungkup Embah Dalem ogé kapanggih beulahan piring beling, mangkok, kap lampu, cangkir, jeung tempat tinta. Hanjakalna anu kapanggih téh barangna geus ancur, paling gé ngan potonganana. Sedengkeun barang-barang kuna anu bagus kénéh mah masih disimpen ku panimuna.
Rarancang ka hareupna, pihak Disbudpar baris ngadata BCB anu aya di masarakat réa, sabari ngalalanyahan sangkan barang anu dimaksud téh bisa diserahkeun ka pihak Budpar pikeun dipulasara, sahingga bisa dimangpaatkeun, boh pikeun kaperluan pariwisata, ogé pikeun kamekaran élmu pangaweruh, hususna widang sajarah jeung arkéologi. (HMA)

No comments:
Post a Comment