Friday, 10 July 2009

Babalayan di Gunung Batu

Ku : Inojti Hajatullah

Di wilayah Bogor méh teu kaitung patilasan-patilasan karuhun urang nu maké kecap 'batu'. Contona baé Batu Karaton di Ciburial Tugu Utara, Batu Kembar di Cikereteg Caringin, Batu Layang jeung Batu Kasur di Cisarua, Batu Karut jeung Batu Korsi di Sindangbarang Pasir Eurih, jeung réa-réa deui. Patilasan-patilasan tadi mangrupa hiji batu nu gedé (monolit).
Aya deui batu-batu nu disusun mangrupa bénténg atawa kuta, saperti Kuta Gegelang di Gunung Bunder, Jero Kuta di Batu Tulis. Ogé aya nu mangrupa bénténg-bénténg atawa téras batu pikeun nahan galengan, saperti nu kapanggih di Kota Batu jeung Sindangbarang.
Lian ti éta, aya wangunan-wangunan batu anu disusun atawa dibalay undak-undakan nepi ka siga gugunungan, di tengahna biasana aya tangga nepi ka undakan pangluhurna, sarta biasana di dinya sok aya ménhir atawa batu tangtung. Wangunan batu modél kitu téh ilaharna disebut pundén, wangunan batu berundak, atawa téras berundak. Contona baé Arca Domas di Pasir Muncang (baheula mah Cikopo Selatan), Léngkob di Tapos, Pasir Karamat di Calobak, Pasir Manggis (Ténjolaya), jeung sababaraha deui nu aya di kompléks Cibalay (Tenjolaya).
Nurutkeun R.von Heine-Geldem (1926) tradisi nyieun bénténg-bénténg batu, batu tangtung (ménhir), ogé pundén kaasup tradisi Mégalitik Tua, nu mimiti gelar kira-kira 2500-1500 taun SM. Satuluyna Mégalitik Tua téh ku manéhna diasupkeun kana masa atawa jaman Néolitikum Awal (jaman Batu Baru).
Urang bisa niténan patilasan-patilasan anu aya di wewengkon Bogor dina buku R.D.M. Verbeek (1891) nu judulna Lijst voor voornaamste overblijfselen uit den hindoutijd op Java. Lian ti éta ogé dina laporan Oudheidkundigen Dienst (Dinas Kapurbakalaan) nu diterbitkeun dina taun 1914 nu disusun ku N.J. Krom.

Patilasan di Gunung Batu

Gunung Batu keur urang Bogor mah sigana moal bireuk nyaéta mangrupa ngaran tempat nu ayeuna asup ka Kecamatan Kota Bogor Barat. Ngan mun nilik ka béh tukang, baheulana Gunung Batu téh hiji wilayah anu lumayan lega. Beulah kulon ngawates jeung Sindangbarang, beulah wétan watesna téh jembatan Cisadané, Beulah kalér diwatesan ku Kampung Tari Kolot, sedengkeun di Beulah kidul ngawates jeung Pasir Kuda Ciomas.
Kusabab aya pamekaran, Gunung Batu kiwari kabagi jadi sababaraha kelurahan, di antarana Kelurahan Gunung Batu (tetep maké ngaran heubeulna), Kelurahan Pasir Mulya, jeung Kelurahan Loji. Malah Jalan Gunung Batu ogé ayeuna mah geus robah jadi Jalan Mayjén Ishak Djuarsa.
Tug nepi ka kiwari rupana can aya nu ngajelaskeun naha tempat éta téh disebut Gunung Batu. Kumaha jujutanana? Naha aya gunung nu dijieun tina batu atawa batu nu ngabadega siga gunung?
Nyacapkeun kapanasaran kumaha jujutanana nepi ka disebut Gunung Batu, nya dipaluruh dina kadua sumber tinulis di luhur, tapi weléh teu kapanggih. Tunyu-tanya ka ditu ka dieu ogé teu meunang jawaban. Nepi ka ahirna hiji waktu meunang kabar anu samar yén di wewengkon éta aya dua patilasan batu anu ku masarakat sabudeureunana dianggap karamat tur dianggap puseur wewengkon.
Nurutkeun béja éta kénéh, patilasan téh ayana di kebon karét, hiji deui teu jauh ti pakuburan umum. Disorang ka tempat éta, weléh batu téh teu kapanggih. Kebon karét nu baréto kaasup Pakebonan Karét Ciomas téh ayeuna geus salin jinis jadi kompléks paimahan. Tur jalan-jalanna ogé plung-plong ka ditu ka dieu. Aya ogé sababaraha tangkal karét sigana baé ngahaja disésakeun bané keur ngahéjokeun lingkungan. Tatanya ka warga dinya weléh teu meunang Informasi naon-naon. Ana kitu mah pantes maranéhanana teu nyarahoeun alatan nu nyicingan gedong-gedong téh lain urang dinyana pituin.
Néangan lokasi batu nu hiji deui mah teu pati harésé, lantaran di wewengkon éta aya sababaraha pakuburan umum. Lokasi nu dipaluruh téh ayana tukangeun masjid jami Al-Huda nu aya di Gunung Batu Kaum. Tukangeun masjid éta aya sababaraha makam di antarana makam R.A. Kartadjumena, Marah Rusli (sastrawan angkatan Balé Pustaka), katut makam Harry Rusli (musikus).
Teu jauh ti makam, kira-kira 100 méteran arah ka kalér, pasna di RT 03 RW 05 Kelurahan Pasir Mulya aya lahan anu munjukul rada luhur siga munjul, bahé ngalér. Lébarna kira-kira 15 méter, panjangna 20 méteran. Di bagian pang luhurna (Beulah kidul) patulayah batu-batu, jeung di Beulah kulonna téras atawa bénténg batu nu sabagian mah geus longsor. Ti kalér jeung wétan aya jalan beton, sedengkeun kiduleunana aya imah. Di sabaraha undakan aya rungkun awi jeung makam.
Meunang béja ti Jarkasih (70) Ketua RW 05, taun 50-an mah tempat éta pinuh ku tatangkalan galedé, ti kidulna aya dapuran awi. Urang dinyana taya nu wanieun ngulampreng ka tempat éta lantaran harieum jeung geueuman. Ana kitu mah pantes, da harita mah imah gé kakarak aya sabaraha siki, henteu gegek cara kiwari.
Disawang ti kidul, kulon, kalér, jeung wétan, batu-batu nu ngarunggunuk munjukul téh siga gunung nepi ka ku urang dinya harita disebut 'gugunung'. Nya ka béhdieunakeun katelah 'gunung batu' nepi ka ahirna jadi ngaran tempat.

Babalayan

Ditilik tina struktur wangunanana sok sanajan bari teu utuhpatilasan nu aya di Gunung Batu dina élmu kaprasajarahan mah disebut bangunan batu berundak, téras berubdak atawa pundén, sarua jeung patilasan di Léngkob, Pasir Manggis, jeung Leuweung Karamat. Dina basa Sunda mah disebutna babalayan alatan undakan-undakan batu téh meunang ngabalay atawa meunang nyusun rapih pisan.
Babalayan asalna tina kecap balay nu hartina batu-batu nu dibéréskeun diceceb-cecebkeun kana taneuh atawa numpuk rapih dina wangun pasagi. Babalayan téh mangrupa salasahiji tempat anu dianggap buyut atawa suci (sakral) ku karuhun urang baheula. Diundakan pangluhurna biasana sok aya ménhir atawa arca batu minangka lambang karuhun.
Ditempat ieu pisan anu dijadikeun puseur tempat munjung atawa muja, ngayakeun upacara-upacara sakral sabari neundeun ancak dina luhureun batu. Ku kituna babalayan téh sok disebut ogé balé pamunjungan atawa balé pamujan. Jeung dianggap jadi puseur wewengkon sakurilingna.
Di babalayan Gunung Batu, di undakan pangluhurna batu-batu téh ngalayah, pabalatak teu puguh susunanana. Teu aya batu tangtung, komo deui arca mah. Duka barétona mah. Anu masih aya téh batu keur neundeun ancak nu ku urang dinya disebut batu méja. Nepi ka taun lima puluhan béjana batu méja téh sok dipaké kénéh.

Perlu Ditalungtik

Luyu jeung téori R.von Heine-Geldem nu nétélakeun yén wangunan babalayan kaasup kana tradisi Mégalitikum Tua nu mimiti gelar 2500-1500 taun SM, tinangtu babalayan nu aya di Gunung Batu ogé miboga umur nu panjang, kira-kira 4000 taunan lamun diitung nepi ka ayeuna mah (abad 21).
Ngeunaan hal ieu perlu diperhatikeun pamadegan Agus Arismunandar (2006:2) nu nyodorkeun pamadegan yén tradisi mégalitik henteu ngan lumangsung di jaman prasajarah wungkul, tapi bisa terus nembus nepi ka jaman sajarah.
Ku kituna patilasan di Gunung Batu jeung patilasan-patilasan lainna nu aya di wewengkon Bogor lain dijieunna dina jaman prasajarah wungkul, tapi bisa jadi ogé aya anu dijieun dina jaman sajarah. Lamun kitu iraha dijieunna atawa diadegeunana babalayan di Gunung Batu?
Nangtukeun iraha-irahana diadeugeunana mah lain pagawéan anu sagawayah bari jeung diduga-duga, tapi kudu diayakeun panalungtikan nu inténsif ku para ahlina nepi ka meunang kacindekkan nu pasti.
Babalayan di Gunung Batu téh mangrupa hiji patilasan karuhun, hiji tanda yén maranéhanana harita geus miboga budaya nu mandiri. Ku ayana babalayan éta, urang bisa nyawang kaayaan kahirupan karuhun urang anu pasti béda jeung kahirupan kiwari.
Ku kituna lian perlu ditaliti, babalayan téh perlu dijaga ku urang saréréa ulah nepi ka ilang atawa diruksak ku nu teu ngalarti saperti babalayan Arca Domas di Cikopo Selatan anu ayeuna ngan kari ngaranna wungkul. Lamun diantep, jaganing isuk pagéto, harésé deui maluruhna, nu antukna urang leungiteun udagan, poékkeun, bari teu apal ka lalakon sorangan. Cag!

Inotji Hajatullah
Pustakawan & Dosén Paguron Luhur
di Bogor

No comments:

Post a Comment