Monday, 13 July 2009

Pantun Bogor Ngalalakon di Milis Kisunda

Batur!
Lamun jaga, dicundukkeun kana waktu
pantun medal jadi bacaan.
Batur!
Sing nyaraho, buku téh utusan kaula
dijurung nyuhun pamunjung
ka sakabéh nu geus alundur
nu baralik indit ka jati, nu marulang,
ka masing-masing Mandalana!

Pada di luhur mangrupakeun bubuka tina naskah Carita Pantun Bogor (CPB) lalakon Ngahyangna Pajajaran. Naon anu dimaksud dina tulisan di luhur sigana kiwari geus kabuktian. Réa carita pantun nu geus ditulis tur dibukukeun.
Di antara carita pantun nu geus ditulis, aya sababaraha lalakon nu asalna ti wewengkon Bogor anu dikenal sabagé CPB. CPB ieu nujul kana carita pantun anu ditulis ku Aki Baju Rambéng taun 1908, anu saterusna diturunkeun tur dipiroséa ku Rakéan Minda Kalangan alias Muhtar Kala.
Sakumaha anu dijéntrékeun dina bagian pangjajap carita Dadap Malang Sisi Tjimandiri, naskah catetan asli ti Aki Baju Rambéng téh geus paroréang baloléas. Geus hararésé dibacana sok sanajan tulisanana mah maké aksara latén.
Jigana ku Rakéan Minda Kalangan naskah CPB ieu disalin deui sangkan bisa dibaca leuwih merenah. Sawatara judul lalakon kungsi dimuat dina majalah Sunda taun 60-an. Malah mah salasahiji lalakon CPB anu judulna Dadap Malang Sisi Tjimandiri (DMST) medal ngajadi buku taun 1964.
Taun 1965 Moh. Amir Sutaarga ngawawarkeun, aya tujuh lalakon pantun Bogor nu kakumpulkeun. Satujuhna téh, nyaéta Ngadegna Pajajaran, Ngahyangna Pajajaran, DMST, Kujang di Hanjuang Siang, Lawang Sakéténg ka Lebak Cawéné, Rakéan Mulang ka Kahiangan, jeung Sunda Panglokatan.
Ka béh dieunakeun, sawatara judul naskah CPB sumebar di masarakat dina bentuk kopifotona. Anu kungsi kacatet salian lalakon Ngahyangna Pajajaran jeung DMST, nyaéta lalakon: Ronggéng Tujuh Kalasirna, Pakujajar di Lawanggintung, Ngadegna Nagara Pajajaran, Pakujajar Beukah Kembang, jeung Raja Pandita Barat Maya di Rancah Maya.
Koléksi CPB panglengkepna dipiboga ku Anis Djatisunda. Salian ti tujuh lalakon di luhur, inyana ogé nyimpen naskah CPB anu judulna: Disaeurna Talaga Rancah Maya, Lawang Sakéténg ka Lebak Cawéné, Tunggul Kawung Bijil Sirung, jeung Perang Sunda Panglokatan. Sedengkeun lalakon Ngahyangna Pajajaran, dina koléksi budayawan asal Sukabumi ieu maké judul Pajajaran Seuren Papan.
Sok sanajan nu miboga naskah CPB ieu henteu saeutik, tapi nu wani ngébréhkeun eusina sacara saujratna mah masih kénéh arang langka. Kituna téh meureun ku sabab naskah CPB mah eusina gampang ngodang kontrovérsi cara DMST nu geus dibukukeun téa.
Sanggeus lila diceungceum dina pabetekan, rupana aya ogé nu hayang némbongkeun CPB ka balaréa, tangtuna pikeun ngeuyeuban dunya sastra Sunda. Ngaliwatan milis (susuratan via surat éléktronik di internét) Kisunda, Roza Rahmadjasa Mintaredja (55) atawa sok dilandih Kang Oca ngalungkeun CPB ka sakumna anggota milis.
Kang Oca anu nampa naskah CPB ieu ti Endang Kosasih di Bogor taun 1999, mitembeyan neruskeun ka milis Kisunda (10/2). Teu tanggung-tanggung nu dialungkeun ogé lalakon Ngahyangna Pajajaran, hiji lalakon anu kaitung penting di jagat pantun Bogor mah. sabagé gambaran, Saléh Danasasmita (suwargi) dina ngajujut poé lahir Bogor kungsi maké katerangan ti lalakon pantun ieu, utamana ngeunaan upacara gurubumi jeung upacara kuwérabakti nu unggal taun dilakukeun di Pakuan.
Dina prak-prakan ngawawarkeun ka anggota milis, Kang Oca henteu sorangan. Inyana dibantuan ku Bah Willy, anggota milis lianna. Duaanana piligenti ngémbarkeun lalakon Ngahyangna Pajajaran ka milis Kisunda nepi ka 22 kali posting-an. Malah henteu ngan nepi ka dinya, ku Bah Willy naskah CPB ieu ogé diébréhkeun ka dua milis Sunda lianna, nyaéta milis Urang Sunda (Kusnét) jeung milis Baraya Sunda.
Para anggota milis anu lolobana mah langka maca carita pantun, kana modél CPB mah singhoréng pada raresepeun. Utamana kana basana nu reumbeuy ku basa wewengkon pakulonan jeung kekecapanana anu rada garihal.
Sapertina anggota milis teu pati paduli kana jalan carita anu béda pisan jeung carita anu geus biasa jadi kacapangan. Anggota milis sigana geus papada ma'lum yén jalan carita mah geus jadi hak “prérogatifna” juru patun. Anu penting pikeun anggota milis mah, naon anu dialungkeun ku Kang Oca jeung Bah Willy téh bisa nambahan pangaweruh maranéhna dina sual sastra Sunda, komo bari loba bagian dina carita ieu anu pikaseurieun.
Ngan hanjakalna harepan para anggota milis anu hayang buru-buru réngsé maca lalakon carita ieu, jigana moal waka katedunan, sabab sambungan carita téh can dialungkeun deui ku nu boga alpukahna. Meureun Kang Oca keur sibuk migawé pagawéan séjén. Wayahna waé gantung bacaeun saheulaan mah! (YM)

No comments:

Post a Comment