Friday 10 July 2009

Nur Asiah, Ngadongéng Sunda jeung Resep Maca Buku

Henteu réa nonoman atawa wanoja jaman kiwari anu masih kénéh mikaresep kana dongéng, hususna dongéng Sunda. Komo nu miboga kamampuh ngadongéng ku basa Sunda mah, bakal leuwih hésé deui néanganana. Mun aya ogé rumaja model kieu, di Bogor mah sigana bisa diitung ku ramo.
Ti nu saeutik téh salasaurangna nyaéta Nur Asiah. Mojang pituin Bogor ieu kungsi mintonkeun kamotékaranana ngadongéng Sunda di sela-sela acara miéling tepung taun Paguyuban Pasundan ka-95. Harita Asiah ngadongéng ngeunaan Déwi Sri anu dikenal dina carita mitos salaku déwi kasuburan.
Sikep, gaya cumarita, sarta paromanan siswa SMKN 1 Bogor ieu dina mawakeun dongéng Sunda téh matak narik ati pisan. Teu anéh mun para hadirin kataji ku panampilanana. Nur Asiah anu ayeuna diuk di kelas 12 jurusan akuntansi tandang dina acara ieu salila 12 menit. Manéhna meunang aprésiasi nu hadé pisan ti para panongton nu kalolobana mah miboga kareueus nu gedé kana budaya Sunda.
Kamampuhna sarta kaparigelanana ngadongéng Sunda jigana henteu datang kitu waé, tapi ngaliwatan hiji prosés anu panjang. Di lingkungan kulawargana, putra pasangan H. Ahmad Tasrif (suwargi)-Hj. Kusmiat, sapopoéna masih gunemcatur dina basa Sunda. Katambah-tambah Nur Asiah ogé ti leuleutik kénéh geus resep maca buku. Di antarana tangtu waé buku-buku carita basa Sunda.
Sabenerna can pati lila Nur Asiah neuleuman dongéng Sunda téh. Kakara dina taun 2006, sawaktu manéhna diuk di kelas 10 seméster hiji kapéto jadi wawakil ti sakolana pikeun milu pasanggiri ngadongéng Sunda tingkat SMA sa-Kota Bogor. Harita mojang nu ayeuna nincak umur 17 taun ieu --sweet seventeen ceuk budak ayeuna mah-- langsung meunang jadi pinunjul ka-tilu.
Iwal ti miboga bakat cumarita, pangais bungsu ti opat dulur ieu ogé meunang pangrojong sarta bimbingan ti pihak sakolana, utamana mah ti guru basa Sundana. Kamampuhna terus diasah nepi ka dina pasanggiri ngadongéng Sunda tingkat SMA taun 2008 anu limangsung bulan Juni kaliwat, Nur Asiah meunang jadi pinunjul ka hiji.
Ku Dinas Pendidikan Kota Bogor, Nur Asiah dibéré kasempetan jadi wawakil Kota Bogor dina pasanggiri ngadongéng Sunda tingkat SMA sa-Provinsi Jawa Barat di Bandung bulan Juli kamari. Hanjakal harita mah manéhna can meunang nomer.
Disagédéngeun dongéng Sunda, mojang anu ayeuna nganjrek di Désa Ciparigi Bogor Utara ieu miboga bakat dina hal pidato Sunda. Kungsi manéhna miluan pasanggiri pidato Sunda jeung hasilna ogé teu nguciwakeun.
Sok sanajan geus miboga préstasi nu bisa dipikareueus, Nur Asiah sorangan can ngarasa puas. “Kedah seueur diajar deui,” pokna téh. Manéhna ogé kungsi nyaritakeun pangalamanana miluan pasanggiri di Bandung. “Di ditu mah ngadongéng téh henteu ngan cumarita wungkul,” imbuhna. Nurutkeun kasaksénna, wawakil ti daérah séjén mah pada ngagarunakeun alat bantu. Aya anu sabari ngacapi, aya nu make golék atawa bonéka, jeung rupa-rupa deui.
Kasempetan tandang di tingkat Provinsi geus nambah pangalamanana jeung bisa dijadikeun modal pikeun terus ngasah kamampuhna sangkan leuwih alus deui. Pangrojong ti pihak séjén di luar sakola jeung Dinas Pendidikan ogé diperlukeun pisan. Upamana radio-radio anu aya di sakuliah Bogor méré lolongkrang waktu pikeun Nur Asiah tandang ngadongéng. Hal ieu bisa jadi kampanyeu nu jitu pikeun generasi muda Sunda lianna nu dina danget ieu geus teu pati maliré kana basa jeung budayana sorangan. (DH/HMA)

1 comment:

  1. tos more than sapuluh taun simkuring teu ngaos majaalah sunda, it's like something missing that came to you.hatur nuhun

    apree
    sg

    ReplyDelete