Sunday 12 June 2011

Warugan Lemah: Pola Lembur Urang Sunda Buhun

Aditia Gunawan

    Naskah Warugan lemah kandelna ngan tilu lempir, ditulisna dina daun lontar, kiwari diteundeun di Perpustakaan Nasional RI, Jakarta kalawan nomer koléksi L 622 Peti 88. Eusining naskah téh ngadadarkeun rupa-rupa dedegan (topografi) lemah. Di jerona écés yén dina mangsa ieu téks dijieun geus aya pola pilemburan urang Sunda anu kawilang ‘mapan’.
    Naskah WL téh ditulis ngagunakeun aksara jeung basa Sunda kuna, winangun prosa. Iraha-irahana naskah ditulis (atawa disalin?) mah teu kanyahoan sacara pasti, ngan saupama ningali eusina anu némbongkeun kapercayaan masyarakat Sunda nu can kapangaruhan ku Islam, ieu téks téh jigana ditulis dina mangsa karajaan Pajajaran tacan runtag (saméméh 1578 M).

    Eusina mah paririmbon atawa pituduh dina raraga ngababakan nyieun dayeuh, lembur, jeung umbul (na pidayeuheun, na pirembuleun, na piumbuleun). Dina téks WL kacatet aya dalapan belas pola pilemburan nu didadasaran ku kapercayaan Sunda buhun, nyaéta:
  1.  Talaga Hangsa: lemah bahé ka kén-ca. Kaasup lemah nu alus, ku sabab matak dipikahéman ku jalma lian.
  2.  Banyu Metu: lemah bahé ka tukang. Kaasup lemah nu kurang hadé, sabab ngabalukarkeun naon nu dipikanyaah hamo ngajadi.
  3.  Purba Tapa: lemah bahé ka hareup, kurang hadé perbawana, matak leu-ngiteun simpati batur.
  4. Ambek Pataka: lemah bahé ka katuhu, kurang hadé mawatna, matak dinyenyeri ku batur.
  5.  Lemah nu ngalingga manik: lemah nu wangunna kawas puncak manik, alus perbawana, ngajadikeun nu caricing di dinya diperhatikeun ku déwata.
  6. Singha Purusa: lemah nu motong pasir. Alus mawatna, matak meunang dina juritan.
  7. Sri Madayung: lemah aya di antara dua susukan, nyaéta susukan leutik di beulah kénca jeung susukan badag di beulah katuhu. Kaasup lemah nu kurang hadé, temahna matak dimadu ku wanoja.
  8. Sumara Dadaya: lemah anu datar. Kaasup lemah nu kawilang hadé, temahna matak kadatangan Rama (kokolot lembur).
  9. Luak Maturun: lemah anu léngkob ngajungkiring. Kaasup lemah nu kurang hadé, ku sabab ngajadikeun nu caricing di éta wewengkon teu weléh katalangsara.
  10. wewengkon nu sumalipat. Kaasup wewengkon anu kurang hadé ku sabab nu caricing di dinya jadi jauh tina kabeungharan tur sarwa kakurangan.
  11. Tunggang Laya: wewengkon nu nyanghareup ka laut. Kaasup wewengkon nu kurang hadé, kusabab ngajadikeun nu caricing di éta wewengkon paéh kabéntar gelap.
  12. Mrega Hideng: wewengkon urut kuburan. Kaasup wewengkon anu kurang hadé, kusabab ngabalukarkeun wewengkonna leungiteun komarana.
  13. Jagal Bahu: lemah anu bunga-ngang. Kaasup lemah anu kurang hadé, mawatna matak éta wewengkon bakal leungiteun komara.
  14. Talaga Kahudanan: wewengkon nu meulah cai. Kaasup wewengkon anu kurang haé, kusabab nu caricing di dinya bakal nemahan pati ku pakarang deungeun dina perang jurit.
  15. Wewengkon anu nukangan pasir atawa gunung. Kaasup wewengkon anu kurang hadé, perbawana matak ngaruksak hubungan kulawarga.
  16. Si Bareubeu. Wewengkon katunjang ku cai (walungan). Kaasup wewengkon nu kurang hadé, temahna matak dihukum ku déwata.
  17. Lembur kakurung ku imah. Kaasup wewengkon anu kurang hadé, mawatna nu darumuk di dinya jadi budak beulian.
  18. Urut tempat nu pikarujiteun kakurung ku imah. Kaasup wewengkon anu kurang hadé, temahna bakal ngadatangkeun kasusah.

Sawatara catetan
Perspektif
    Nu perlu dicatet dina téks WL téh antarana perspéktif anu digunakeun dina téks lain dumasar kana arah mata angin kalér-kidul-wétan-kulon sakumaha dipikawanoh ku urang, tapi ngagunakeun perspektif kénca-katuhu-hareup-tukang anu keur urang kiwari mah sipatna kacida rélatifna. Pananyana, naha bisa istilah perspektif dina téks dikonvérsi ka arah nu ku urang kiwari dipaké? Hadéna aya kénéh urang Kanékés, nu masih gugon kana talari paranti karuhun. Tina kapercayaan nu diagem ku urang Baduy, urang bisa ngararampa, pamustunganana nyindekkeun per-spéktif anu rélatif kana perspektif anu absolut.
    Pikeun urang Baduy, hareup téh sarua jeung wétan, atawa wiwitan, tempat mimiti meletékna panon poé. Nu matak, huma sérang, huma tempat dilaksanakeunana upacara siklus tatanén di Baduy, kudu aya di wewengkon pangwétanna. Huma nu lian teu meunang aya nu perenahna di wétaneun huma sérang, pamali, disebutna gé ngahalangan panon poé.
    Wétan téh basa Sansekertana purwa. Kecap purwa dina basa Sansekerta sajaba tu ngandung makna ‘wétan’, ogé ngandung makna ‘hareup, awal, asal-muasal’ deuih. Aya babasan dina basa Sunda lali ka purwadaksina nu hartina poho kana wiwitan, kana asal muasalna.
    Lamun hareup sarua jeung wétan, atuh katuhuna tangtu kidul. Enya, katuhu téh kidul. Sajaba ti ngandung harti kidul, kecap daksina ngandung harti ‘katuhu’ deuih (Zoetmulder, 2006: 188). Nu resep lalajo pilem India, biasana dina adegan kawin sok aya adegan upacara pradak-sina. Prak-prakkan upacara pradaksina dina agama Hindu nyaéta muter ka béh katuhu nurutkeun arah jarum jam. Nu dikurilinganna téh seuneu nu dianggap suci nu disebut ‘daksināgni’. Éta seuneu nu dikurilingan téh salawasna aya di béh katuhu.
    Ku kituna, perspektif dina téks WL bisa ditafsirkeun saperti di handap ieu:
- talaga hangsa nyaéta lemah anu bahé ka kalér;
- banyu metu nyaéta lemah anu bahé ka kulon;
- purba tapa nyaéta lemah anu bahé ka wétan; jeung
- ambek pataka nyaéta lemah anu bahé ka kidul.

Lemah nu merenah
    Tina nu didadarkeun di luhur, kacatet aya opat rupa dedegan lemah anu kawilang alus. Kahiji, talaga hangsa (lemah nu bahé ka kalér). Dumasar hasil rekonstruksi suwargina Saléh Danasasmita dina artikelna ‘Mencari Gerbang Pakuan’ (2006), pola talaga hangsa kamungkinan gedé dijadikeun pola wewengkon di puseur kota Pakuan. Kitu deui saupama urang niténan lembur-lembur di Baduy, réa anu topografi taneuhna bahé ka kalér deuih. Pon kitu deui di wewengkon sabudeureun Baduy, saperti Citorék jeung Cibedug, samalah di kampung adat Mahmud nu aya di Bandung taneuhna bahé ngalér. Éta hal leuwih nguatan kayakinan, yén téks WL kungsi diagem tur dipercaya ku urang Sunda bihari dina ngababakan nyieun pilemburan.
    Lemah nu dianggap alus deui téh nyaéta lemah nu motong pasir, disebutna singha purusa. Sacara étimologi, singha purusa asalna tina basa Sansekerta nu hartina ‘lalaki singa, pahlawan’. Numutkeun kapercayaan sakumaha nu nyangkaruk dina téks WL, ieu lemah téh dipercaya matak meunang dina perang jurit (awét juritan). Jigana, ieu lemah téh digunakeun jadi wilayah pertahanan Pakuan Pajajaran, pikeun nahan serangan musuh, tur sisi-sisina dijieun susukan pertahanan (nyusuk na pa-kuan).
    Sajaba ti éta, lemah nu dianggap alus téh nyaéta lemah anu datar (sumara dadaya). Sumara dadaya sacara harfiah hartina ‘ngadatangkeun simpati’. Cenah mah lemah nu datar téh bisa ngadatangkeun Rama (kokolot lembur). Hartina, ieu kontur lemah téh digunakeun pikeun masarakat umum, lain pikeun golongan élit. Lemah datar leuwih ngamungkinkeun pikeun dijieun lembur anu konséntrasi masana leuwih réa.
    Hiji deui anu dianggap lemah anu alus téh nyaéta lemah anu ngalingga manik, nu wangunna kawas puncak manik. Bujangga Manik dina catetanana nétélakeun yén inyana hayang manggihan lemah anu ngalingga manik pigeusaneun inyana nunda raga: “nemu lemah kabuyutan, na lemah ngalingga manik”. Jigana wa-ngun lemah ngalingga manik diguna-keun minangka wewengkon kabuyutan (kaagamaan) pikeun masyarakat Sunda mangsa bihari.

Tulak bala
    Sok sanajan ngan aya opat rupa nu kaasup kana lemah anu alus, henteu ujug-ujug lemah anu dianggap kurang alus téh henteu dijieun lembur. Lemah anu kurang alus bisa dijieun lembur saupama nu rék nga-babakan nyumponan sarat sarat nu geus ditangtukeun, di antarana melak rupa-rupa tatangkalan kayaning pacar, dangdeur, usar, haur geulis, jsté. Tempatna ogé ditangtukeun, nyaéta di tempat pasajén atawa di wewengkon dalem. Waktuna ditangtukeun ogé deuih, diantarana poé Anggara Manis (Salasa Manis), Buda Hireng (Rebo Legi), Tumpek Kaliwon (Saptu Kliwon), jsté.    
    Dina téks WL écés jéntré ditétélakeun, yén enas-enasna mah lemah téh teu meunang diganggu, sumawonna nepi ka diruksak mah. Saupama aya lemah nu dianggap kurang hadé, cukup ku dijieun ritual jajampéan, menekung ka Nu Kawasa sangkan jauh tina balay. Kapercayaan kawas kieu téh kiwari masih dipertahankeun ku masarakat Baduy, saperti nu kaunggel dina pikukuhna: ‘Gunung teu beunang dilebur, lebak teu beunang diruksak, larangan teu meunang dirempak, buyut teu meunang dirobah, lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung, nu lain kudu dilainkeun’.
    Pungkasing carita, tina pola-pola lembur nu nyampak dina téks WL katitén dalitna hubungan ékologis antara masarakat Sunda bihari jeung alamna. Pasualanana, urang Sunda kiwari mun muka pilemburan maké pola anu mana? Jawabanna tangtu hésé, sabab urang nempatan lembur téh boa teu maké pola.

Aditia Gunawan
Kurator naskah Sunda di Perpustakaan Nasional RI

1 comment: