Thursday 2 June 2011

Enduh Nuhudawi --- Ngaréhab Imah ku Duit Récéh 100 Pérak

    Mémang pantes pisan lamun réa pangajén ditujukeun ka Enduh Nuhudawi, Kapala Désa Situ Udik, Kecamatan Cibungbulang, Kabupatén Bogor téh.  Pangpangna mah naon nu geus dipigawé ku inyana ngajadikeun mangpaat anu pohara pikeun warga masarakat di désana.
    Enduh kapilih jadi kapala désa taun 2008.  Ti harita inyana ngagelar hiji program saderhana pikeun ngawangun désana anu miboga penduduk sakitar 14.000 jiwa sarta ampir genep puluh persén nyatana kaasup kulawarga miskin atawa prasajahtera.
    Programna mangrupa kagiatan ngumpulkeun duit récéh saratus pérak ti wargana unggal poé anu katelahna program réréongan sarumpi.  Carana di unggal imah disadiakeun wadah mangrupa céngcéléngan.  Unggal poé warga bisa sidekah ku jalan ngeusian céngcéléngan éta ku duit récéh saratus pérak. Saban poé aya patugas ti RT satempat anu nguriling ngumpulkeun duit récéh ti warga anu saterusna di-setorkeun ka kantor désa.

    Tina kagiatan réréongan anu dirojong ku sakabéh warga ieu, unggal bulan bisa kakumpulkeun paling saeutik Rp. 4 juta.  Malah kungsi ogé meunang nepi ka Rp. 9 juta dina sabulanna téh.  Dana anu kakumpulkeun ieu dipaké pikeun ngarénovasi atawa ngaréhab imah penduduk anu kaayaanana geus teu layak dicicingan.
    Tepi ka ayeuna, pamaréntah Désa Situ Udik, Kecamatan Cibungbulang ngaliwatan program réréongan sarumpi geus hasil ngaréhab saeutikna 29 imah teu layak dicicingan anu sumebar di 12 RW.
    Nalika ditanya ku naon pangna miboga idé ngumpulkeun duit récéh saratus pérak ti wargana, naha henteu sarébu rupia?  Lalaki pituin Bogor kalahiran 28 Maret 1962 ieu nerangkeun, yén bisa disebut saratus pérak téh minangka nominal duit pangleutikna nu aya di negeri ieu, sing saha waé kaasup jalma miskin kamungkin-an gedé pada nyarekel.  Intina mah sagala lapisan masarakat bisa ilu-biung dina réréongan ngumpulkeun duit récéh saratus pérak ieu.  Sabab niat sidekah ogé dipiboga ku jalma miskin.

Asup kana Tipi
    Ayana program réréongan sarumpi jeung kagiatan ngaréhab imah jalma teu mampuh ieu nganteurkeun Désa Situ Udik meunang pangajén ti Pamaréntah Provinsi Jawa Barat sa-laku désa pinunjul ka-hiji sa-Jawa Barat taun 2010.  Saméméhna di tingkat kabupatén jeung wilayah gé Désa Situ Udik kapeunteun jadi pangmotékarna.
    Henteu ngan kitu waé, Pamaréntah Provinsi Jabar ogé nga-bantu kagiatan sabilulungan di Désa Situ Udik ieu ku jalan ngocorkeun dana pikeun ngaréhab 50 imaheun.  Dina praktékna dana bantuan ti Provinsi ieu malah bisa ngaréhab nepi ka 72 imah, sanajan danana teu dihijikeun jeung nu kakumpul ti réréongan sarumpi.
    Naon anu geus dilakukeun ku Enduh Nuhudawi ieu mémang kabuktian bisa numuwuhkeun pangwangunan di désana ku jalan gotongroyong sarta ngaleungitkeun wates beunghar jeung miskin.  Ku jalan kukumpul récéh saratus pérak, lulusan SMAN Leuwiliang angkatan 1984 ieu diondang ku Kantor Mentri Perumahan Rakyat pikeun biantara di hareupeun para pajabat.  Inyana jadi panyatur salaku wawakil ti Provinsi Jawa Barat bulan Novémber taun kamari.
    Tina préstasina jeung kamotékaranana anu ogé bisa mere inspirasi ka jalma réa pikeun nulungan ka nu butuh, Enduh salaku Kapala Désa Situ Udik diondang ka acara “Kick Andy” di stasiun Métro TV, babarengan jeung sababaraha urang lurah ti daérah séjén anu miboga préstasi nu nyongcolang. Acarana disiarkeun tanggal 25 Maret 2011 kaliwat.
    Dina acara di Métro TV ieu, Enduh nerangkeun prak-prakan digelarna kagiatan réréongan sarumpi ti mimiti jorojoyna idé nepi ka bisa ngaréhab imah-imah wargana nu teu layak dicicingan.  Leuwih ti kitu, Enduh ogé nétélakeun, dina enggoning ngawangun atawa ngarénovasi imah penduduk salawasna dilakukeun sacara gotongroyong ku warga di dinya sabari teu dibayar sapérak ogé.
    Ngaliwatan acara “Kick Andy” ogé, lalaki lulusan ti Universitas Pa-kuan Bogor ieu ngadadarkeun pangalaman batinna.  Harita, ceuk Enduh, inyana keur ngurilingan kampung waktu keur hujan manggihan aya saurang nininini cicing di hareupeun imahna sorangan alatan di jero imahna balocor.  Sabari sesenggukan Enduh nyebutkeun, pangalaman ieu pisan nu nyetrug kana haténa. Malah harita kénéh inyana jangji na jero haténa, lamun kaparengkeun jadi lurah, imah Si Nini ieu bakal pangheulana diréhab.  Gerentes haté Enduh ieu kiwari geus kacumponan
    Ti 194 imah nu kudu diréhab di mangsa awal jabatanana, kiwari tinggal 93 imah deui nu can digarap téh.  Ngaliwatan program réréongan sarumpi anu terus dijalankeun, Enduh miboga kayakinan, yén di tungtung mangsa jabatanana sakabéh imah nu nyésa kénéh téh bakal réngsé diréhab.  “Insya Allah bisa réngsé. Kuring yakin!” tegesna téh.
    Réana publikasi ti media, boh citak boh éléktronik ngeunaan sosok Enduh Nuhudawi jeung Désa Situ Udik anu bisa mandiri dina ngawangun   désana, ngajadikeun désa di suku Gunung Salak ieu sering kadatang-an rombongan ti mana-mana anu rék studi-banding.  Sakitar tilu bulan kaliwat datang rombongan ti Provinsi NTB jeung NTT.  Kiwari sababaraha désa di dua provinsi éta geus mimiti ngaduplikasi program réréongan sarumpi, tangtuna disaluyukeun jeung kaayaan  sarta budaya satempat.
    Salian ti éta, kamotékaran sarta kapamingpinan Enduh Nuhudawi nu salawasna ngajaga amanah meunang aprésiasi jeung koméntar anu hadé ti sawatara pihak.  Saperti ti Bupati Bogor Rachmat Yasin anu miharep, katuladanan Kapala Désa Situ Udik ieu bisa diconto ku désa-désa lianna di Kabupatén Bogor sahingga bisa ngaronjatkeun karaharjaan sarta kamandirian daérahna.  Kitu ogé Éko Ruska Nugraha, moderator milis Kisunda jeung Urang Sunda nyebutkeun, mudah-mudahan ketak Pa Lurah di suku Gunung Salak ieu bisa dipikanyaho ku para pajabat pamaréntah sarta anggota parlemén sangkan bisa diconto ku maranéhna. (HMA)

2 comments: