Saturday 13 June 2009

PARIBASA

 Ayakan Tara Meunang Kancra
Hartina : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana

 
Jabung Tumalapung, Sabda Tumapalang
Hartina: Milu nyaritakeun hiji perkara, sakapeung nempasan omongan batur, nyaeta-nyaeta jiga nu nyaho, turtaning (padahal) teu nyaho nanaon.



Kajeun Kéndor Ngagémbol, Tibatan Gancang Pincang
Hartina : Pagawéan urang téh kajeun teuing lila anggeusna, tapi hadé. Ieu téh leuwih utama ti batan gagancangan migawéna, tapi hasilna goréng


Mun teu ngoprék,moal nyapék.
Mun teu ngakal, moal ngakeul.
Mun teu ngarah, moal ngarih.
Hartina: Lamun teu digawé, nyiar kipayah, tangtu pisusaheun pikeun hirup, kumaha petana bisa dahar jst.



Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha
Hartina : Nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa kalakuan anu goreng



Sahérang-hérangna cibéas, moal hérang cai cisumur  
Hartina: Sasarina lamun geus aya pacéngkadan, sok tara bisa hadé deui cara baréto saméméh aya pasalia pikir.




Ulah Unggut Kalinduan, Ulah Gedag Kaanginan.
Hartina : Ulah kagoda, kaganggu atawa kabengbat ku rupa-rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade

No comments:

Post a Comment